BUDAYAOPINI

Duduluran (Ajén Filosofis Nyanghareupan Pilkada 2020)

×

Duduluran (Ajén Filosofis Nyanghareupan Pilkada 2020)

Sebarkan artikel ini

Dodi Suryadi
Ngawulang di MTs. Al-Muniroh Sukahurip
Sukaratu Kab. Tasikmalaya.

“Cageur, Lur?” ungkara panggentra maneuh nalika amprok jeung sobat nu arang panggih. Lur téh potongan tina kecap dulur. Aya rasa nu béda nalika éta kecap dilisankeun, karasa leuwih anteb.

Numutkeun Kamus nu dikaluarkeun ku LBSS, dulur dina basa Sunda hartina adi atawa lanceuk. Sajaba kecap lur, dina kabiasaan urang Sunda aya kecap-kecap gaganti ngaran (sulur) nu ilahar dipaké tilam penggentra kayaning engkang, tétéh, aa, encép, ujang, jeung nu lianna.

Bisa jadi kecap dulur karasa leuwih istiméwa alatan eusi (konteks) nu leuwih lega ambahanana batan kecap gaganti ngaran séjénna. Kecap dulur bisa jadi pamatri keur silih tulungan, silih geuing, silih wewegan, jeung silih pikanyaah.

Pikeun urang Sunda nu mayoritas ngagem Islam. Duduluran téh luyu jeung papagon agama. “Innamal mu`minuuna ikhwatun”. Saenyana ari sakabéh mu`min éta dulur (Q.S. Al-Hujurot:10). Malah ceuk ahli tafsir ma`na tina kecap “Innama” téh ngawatesanan (qoshor idhofi), hartina papada mu`min ngan ukur dulur. Teu bisa dima`naan sawaréh bisa dianggap dulur, sawaréh deui dianggap musuh.

Rosul parantos mitutur “Antara hiji mu`min jeung mu`min séjéna lir ibarat hiji jasad”. Mun jempol titajong tuluy tatu, sakabéh anggota badan milu ngangres jeung ngurus. Baham cumeluk nyebut aduh atawa innalillaahi. Angen milu seueul. Leungeun kénca neueul nahan kanyeri, sedengkeun nu katuhu ngopépang ngubaran tatu.
Filosofi duduluran nyanghareupan Pilkada 2020.

9 Desember 2020 di sabaraha wilayah baris hajat rongkah. Ngaran-ngaran hajat taya nu teu riweuh. Ninggang dina usum pageblug, tahapan Pemilu ge kaganggu alatan masih meuweuhna pandemi covid-19. ti mimiti urusan data pemilih nu nepi ka kiwari tacan sapinuhna réngsé. Nyéta atuh najan baroga akal manusa téh lolobana mah kaasup kana golongan nu hésé “diatur”. Katambah urusan kokobot (anggaran), logistik, kampanye, jeung réa-réa deui.

Rahayat nu geus boga hak pilih kudu nangtukeun pamilih keur bupati, walikota atawa gubernur. Rék diaku atawa henteu, rahayat baris kabeulah jadi sabaraha kelompok. Teu mustahil ku alatan teu resep ka hiji calon, mukakeun lolongkrang salasah ku ngapungkeun (mosting) warta atawa meme nu nyacad calon séjénna boh ku cara lemes atawa kasar. Malah mun ngeunteung kana pilpres nu geus kaliwat loba nu eusina ukur fitnah jeung bohong (hoax). Padahal nu dipiwarang ku agama mah nepikeun hak lain hoax “Qulil haqqu walau kaana murron”.

Sabada mulan-malén teu nulis alatan ngedul buca-baca. Kasurung ku lingsem tina pananya baraya, pangpangna ku pimpinan pasantrén. Kiwari lahlahan nganteur leungeun ngetrukkeun mangsi ngeclakkeun rasa nu kasurung ku katugenah nyaksian kaayaan nu karasa asa beuki harénghéng. Jalma-jalma haliwu, silih poyok, silih salahkeun, patuding-tuding, hoax nerekab ka madhab papat, pada-pada ngaku pang Islamna atawa pang NKRI-na. Jelema diukur ku baju jeung kelompokna, padahal papatah Rosul natrat “Saenyana Alloh moal ningali kana rupa jeung papakéan aranjeun, tapi nu ditingal ku Alloh mah haté jeung amal-amal aranjeun.” (H.R At-Thobroni).

Ku welas asihna nu Maha Kawasa, surga téh lawangna ngemplong keur saha waé nu iman bari daék amal soléh, teu kawatesanan ku pangkat jeung tangtungan, “Inna Akromakum indallohi atqookum”. Payuneun Alloh, ajengan lembur nu ihlas ngawanohkeun Islam ka barudak di tajug tungtung lembur bari teu pernah kaékspos gé boga kasempetan nu sarua jeung ulama nu papakéan jeung tutumpakanana marahal bari diagung-agung ku jama`ahna tur ampir unggal waktu mapaésan baligo, banner, famplet jeung média massa.

Milih pamingpin téh ibadah. Saréat jeung muamalahna gé sing jadi ibadah, euyeub jeung obyag ku kahadéan, lain sabalikna jadi bibit buit kagoréngan. Najan pulitik téh ugeranana ukur kapentingan golongan, tapi kudu tetep boga ajén kahadéan.

Perkara nu kudu jadi panitén saréréa téh nya éta éfék negatifna. Sok rajeun di sababaraha tempat, proses milih pamingpin jadi lawang pacéngkadan. Alatan pédah teu akur kaos patingporongos, gara-gara béda bendéra partéy tatangga jeung tatangga jadi teu patanya. Sok padahal nu bieu ditataan téh perkara nu kudu dipahing dina agama. Paséa di level panghandapna nalika teu disengker jeung dibébérés baris nyaliara tur nerekab ka mana-mana, ka dituna baris jadi pilara keur balaréa.

Panghina jeung salasah nu kiwari keur tumiba kana ageman urang kudu jadi pamatri. Geus mangsana urang Islam ngahiji ngawewegan beungkeutan, najan éta kahayang téh kaasup perkara nu hésé, malah boa kaasup nu pamohalan. Teu rék kitu kumaha, kapan dina tataran implementatif mah urang Islam téh sok nga-idéntitasan kelompok ku cara ngabéda-béda karep. Béda jumlah rokaat, béda tempat Juma`ahan, béda papakéan, malah sawaréh mah campur gaul gé ukur jeung ikhwan sagolongan. Mun urang Islam masih resep pasalia jeung ngarasa bener sorangan, slogan Islam kudu ngahiji téh karék nepi kana romantisme semu.

Nganggap batur jadi dulur (duduluran) bisa jadi tarékah ngalemesan jeung mémérés rereged haté. Falasifah silih asih ku pangarti, silih asah ku pangabisa jeung kanyaah, tur silih asuh ku pangaweruh baris ngamalir sabab kabeungkeut ku nyambungna rasa (chemistry) sasama urang.
“Demi waktu. Satemena jalma aya dina karugian. Anging jalma nu iman jeung daék amal soléh. Silih wasiatan dina bebeneran (haq) jeung kasobaran”. (QS. Al-`Ashr)
Wallohu a`lam. ***