BUDAYAKANAL

Agama jeung Kapercayaan Urang Sunda

×

Agama jeung Kapercayaan Urang Sunda

Sebarkan artikel ini

Dodi Suryadi, S.Pd
Kepala MDT Nurul Huda
Bantar Kel. Bantarsari Kec. Bungursari
Kota Tasikmalaya

Dina élmu Sosiologi, ageman atawa kapercayaan kaasup kana salasahiji tina tujuh unsur budaya. Agama jeung kapercayaan pikeun manusa mangrupa hiji hal anu pasti marengan kana kahirupan, sok komo pikeun urang Sunda anu katotol rélijius. Dina gurat badagna agama jeung kapercayaan anu pernah atawa masih diagem ku urang Sunda nepi ka kiwari téh aya tilu. Numutkeun sajarah jeung catetan nu kasungsi dina naskah ogé buku-buku anu sumebar nya éta, aliran Tantrayana; campuran Siwaisme (Hindu) jeung Budha, Sunda Wiwitan, jeung Islam.

Aliran Tantrayana
Numutkeun naskah Séwaka Darma (Koropak 408), ieu aliran téh pernah sumebar di tatar Sunda, ajaranana mangrupa campuran aliran Siwa Sidhanta anu nganggap sakabeh déwa téh mangrupa penjelmaan Siwa, jeung Buda Mahayana. Salasahiji karajaan anu ngagem ieu aliran téh nya éta karajaan Talaga (Majaléngka) anu diadegkeun dia abad ka-14.
Sumber ajaran ieu agama nyoko kana pituduh nu disebut darma. Eusi ajaranana kabagi dua, bagian kahiji ngajelaskeun cara persiapan nyanghareupan maot (moksa). Bagéan kadua ngagambarkeun perjalanan jiwa sabada ninggalkeun penjarana anu mangrupa jasad jeung kahirupan duniawi.

Aliran tantrayana percaya ayana sawarga anu manglapis-lapis numutkeun darajat pangeusina. Kahiji Kahyangan para déwa lokapala; nya éta Isora, Wisnu, Mahadéwa, Brahma, jeung Siwa. Di saluhureunana aya Kahyangan Sari Déwata, tuluy satingkat di luhureunana Kahyangan Bungawari, atuh puncakna disebut bumi kancana (dunya emas) tempatna jati niskala (kagaiban anu sajati).

Sunda Wiwitan
Sunda Wiwitan (Sunda mimiti, Sunda sajati, atawa Sunda asli) mangrupa agama atawa kapercayaan anu muja kana kakuatan alam jeung arwah karuhun (animisme jeung dinamisme). Tapi aya ogé nu ngabogaan pamanggih yén agama Sunda Wiwitan téh ngabogaan unsur monothéisme purba, nya éta saluhureun para déwata jeung hyang téh aya déwa tunggal nu maha kawasa bari teu ngawujud anu disebut Sang Hyang Kersa. Malah aya nu nepikeun pamadegan yén Sunda Wiwitan mah lain agama, tapi tata kahirupan pikeun bekel kumelendang di alam dunya nu nyaimbangkeun hubungan sosial kamanusaan jeung alam.

Kitab papagonna nya éta Sanghyang Siksakanda ng Karesian, hiji kitab ti jaman karajaan Sunda anu eusina ajaran kaagamaan jeung tuntunan moral. Anu ngagem kana ieu ajaran sumebar di provinsi Banten jeung Jawa Barat; saperti di Kanékés, Lebak, Banten Kidul, Cisolok, kampung Naga, jeung Cigugur. Numutkeun kokolot kampung Cikeusik, urang Kanékés téh lain pangagem Hindu atawa Buddha, tapi nganut kapercayaan animisme, ngan dina perkembanganana diasupan ku unsur-unsur Hindu, ogé dina wates-wates anu tangtu ogé kacampuran ku Islam.

Mitologi jeung sistem kapercayaan
Kakawasaan pangluhurna aya di Sang Hyang Kersa anu ogé sok disebut Batara Tunggal, Batara Jagat, atawa Batara Séda Niskala (anu goib) anu linggih di Buana Nyungcung.
Aya tilu rupa alam dina kapercayaan Sunda Wiwitan :
Buana Nyungcung : tempat Sang Hyang Kersa
Buana Panca Tengah : tempat manusa jeung mahluk lianna
Buana Larang : naraka

Ajaran Sunda Wiwitan pada dasarna kabagi dua prinsip, nya éta Cara Ciri Manusa jeung Cara Ciri Bangsa.

Cara Ciri Manusa nya éta unsur dasar anu aya dina kahirupan manusa :
Welas asih
Undak-usuk
Tatakrama
Budi basa jeung budaya

Wiwaha yudha naradha; sifat dasar manusa
Cara Ciri Bangsa :
Rupa
Adat
Basa
Aksara
Budaya

Dina ajaran Sunda Wiwitan ngadu`a dilaksanakeun ngaliwatan kawih, gerak jeung ibing (tari) saperti dina acara sukuran ganti taun anu dumasar kana pananggalan Sunda, nya éta sukuran Seren Taun.

Tempat Suci
Tempat suci atawa tempat muja anu dianggap karamat dina agama Sunda Wiwitan nya éta Pamunjungan atawa Kabuyutan. Dina ieu tempat biasana aya Ménhir, Arca, Batu Mangkok, Batu ceper jeung nu lianna.

Islam
Tina naskah-naskah kuna bisa dicindekkeun yén agama islam saenyana sumebar di tatar Sunda jauh saméméh Déwan Salapan (Wali Sanga) aya, numutkeun ahli pilologi Undang Darsa, M. Hum.

Dina naskah Carita Parahyangan (abad ka-16) upamana disebutkeun di tatar Sunda anu munggaran ngagem agama Islam téh Bratalagawa, putra kadua Prabu Pangandiparamarta Jaya Déwabarata atawa Bunisora Suradipati, raina Prabu Linggabuana Raja Sunda nu puseur kadatonna di Kawali. Bratalagawa téh sodagar anu mindeng balayar ka Sumatra, Cina, India, Srilangka, tepi ka Arab. Anu tuluyna dumuk di Cirebon.

Abad ka-15, kira-kira taun 1416 maséhi, nu munggaran nyebarkeun islam di Karawang nya éta Syéh Hasanudin, hiji ulama ti nagri Campa anu satuluyna katelah Syéh Quro.
Sumber ajaran Islam nya éta Al-Quran jeung Sunnah, galeuhna ajaran Taohid (monotheisme), percaya teu aya deui pangeran nu wajib disembah diibadahan anging Alloh subhanahu wata`ala. Tilu tetekon dasar dina ieu agama nya éta iman, islam, jeung ihsan.
Iman mangrupa kayakinan anu kudu panceg dina haté, islam nya éta maniféstasi atawa bukti tina kaimanan, ari ihsan mangrupa patokan tékad nalika ngalakonan bukti iman. Iman, islam jeung ihsan mangrupa tetekon hirup ngarah jelema salamet dunya ahérat.
Tempat suci umat islam nya éta masigit (masjid) anu jadi pusat kagiatan agama. Sajaba dipaké ibadah ritual saperti salat, masigit ogé bisa dipaké pikeun kagiatan ibadah lianna kayaning pangajian, sakola, jeung sajabana.

Ieu tulisan teu ngaharib kana boga maksud ngahudangkeun deui ageman jeung kapercayaan saméméh Islam. Sakadar hayang nambahan luang, pédah dina hirup kumbuh urang Sunda masih kénéh sok kapanggih adat jeung kabiasaan nu muka lawing ikhtilaf dina Islam.

Pikeun urang nu hirup jaman kiwari, tangtu kudu panceg dina ageman anu hak bari dijamin benerna ku Pangéran nya éta Islam. Nyoko kana dawuhan nu Murbéng Alam “Innaddiina `ingdallohil islam”. Islam nu rohmatan lil `alamin, Islam nu adaptatif kana budaya nu teu patoja`iyah jeung quran ogé sunnah. Islam nu teu gampang ngabid`ahkeun kana perkara nu bisa kénéh dipadungdengkeun ngaliwatan lawang ijtihad. Islam nu numuwuhkeun optimisme hirup bari naleukeum kana kayakina rasa yén Alloh téh Maha Welas Asih. Alloh nu ampunanana langkung lega batan bebenduna.

“Saenyana ari anjeun (Muhammad) éta teu bisa méré hidayah ka jalma nu dipikacinta ku anjeun. Balikta Alloh nu maparin hidayah ka jalma nu dikersakeun ku anjeun-Na. Sareng ari Alloh éta nu langkung uninga ka saha waé nu baris kénging hidayah.” (Q.S. Al Qashash : 56). Wallohu a`lam.